Naon tugas girang acara
B. Daerah
mdhifanaryadana
Pertanyaan
Naon tugas girang acara
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Girang Acara
Kelas : IX (3 SMP)
Pembahasan :
Girang Acara nyaeta jalma anu ngatur jeung ngarahkeun lumansungna hiji acara, ti mimiti bubuka acara nepi ka panutup acara. Girang hartina pamingpin atawa anu miboga tanggung jawab. Jadi Girang Acara nyaeta sarua jeung pamingpin acara. Jalma anu ngalakonan pagawean Panata Acara jeung Panumbu Acara oge kaasup kana kategori Girang Acara.
Panata Acara atawa anu sok disebut oge MC singkatan tina Master of Ceremony, nyaeta jalma anu miboga tugas nyusun, ngatur jeung ngarahkeun lumangsungna acara, saperti dina acara kawinan, ulang tahun jeung sajabana ti eta, ti mimitii bubuka nepi ka panutup acara. Sedengkeun Panumbu Catur, anu sok disebut oge moderator, miboga tugas pikeun mingpin jeung ngarahkeun lumangsungna acara sawala atawa diskusi.